Umajak Ka Guru Ngaji Milih DS Ketua Forum Bela DS, H. Uya Mulyana Yakineun Paslon Dadang Supriatna -Ali Syakieb Ngahontal 75 Persen Suara

Umajak Ka Guru Ngaji Milih DS Ketua Forum Bela DS, H. Uya Mulyana Yakineun Paslon Dadang Supriatna -Ali Syakieb Ngahontal 75 Persen Suara

Smallest Font
Largest Font

Bandung.Nkrikitanews.com - Ketua Forum Bela Dadang Supriatna (DS) , H. Uya Mulyana  yakineun sora  pasangan calon (paslon) bupati - wakil Bupati Bandung  Dadang Supriatna - Ali Syakieb bakal ngahontal beubenangan sora 75 persen dina  Pemilihan Kepala Daerah (Pilkada) Kabupaten Bandung, 27  Nopember 2024.

Kayakinan H. Uya ieu  lantaran  loba relawan nu cumiak pikeun ngunggulkeun  paslon Bupati-Wakil Bupati Bandung Dadang Supriatna-Ali Syakieb.

"Seueur apanan  ayeuna relawan. Aya relawan Bang Romi, aya relawan ieu, itu  kalebet tin 13 partéy . Bawi raos upami  nu 13 paetéy  jalan, relawan jalan, forum ogé jalan,  yakin 75 persen tiasa kahontal Kang DS sareng Ali Syakieb  dina Pilkada 2024 ieu, " ceuk H. Uya  nu oge  koordinator guru ngaji Kabupaten Bandung satutas ngayakeun silaturahmi   Forum Bela DS Kecamatan Margahayu di aula SD Islam Terpadu Daarul Qolam Jalan Cilisung Nomor 74 Desa Sukamenak Kecamatan  Margahayu Kabupaten Bandung, Saptu, 19 Oktober  2024.

Forum Bela DS ieu, nurutkeun  H. Uya anggotana para guru ngaji dina program insentif guru mengaji nu lobana kana 15.800 urang sakabupaten Bandung.

"Sim kiring  yakin, ti Forum Bela DS ieu arinyana gaduh  jamaah di saban daerahna, sahingga mugia arinyana tiasa umajak jamaahna tanggal 27 Nopember 2024.pikeun nyoblos Dadang Supriatna- Ali Syakieb, " ceuk H. Uya. 

H. Uya bargétkeun samemémeh  tanggal 27 Nopember 2024 sakabéh guru ngaji dina  Forum Bela DS  geus  diriungkeun.  Tina jumlah 15.800 leuwih guru ngaji ieu,  geus satengahna leuwih didongdon. 

"Nu teu acan aya gempungan deui téh    silaturahmi ieu  paling kana  di 6 kecamatan deui, di antarana Kecamatan Kertasari, Rancabali,  Pasirjambu, jeung sababaraha nu lianna.

Di Kecamatan Margahayu, tina 350 urang guru ngaji, ceuk   H. Uya 90 persen hadir dina silaturahmi kasebut. 

"Bawi raos ieu saè. Kahadiran arinyana buktos  siap milih pasangan Dadang Supriatna-Ali Syakieb.  Nu 10 persenna teu hadir ieu tiasa kamungkinan aya wagelan atanapi teu kampanyeu, " ceuk H. Uya.

 H. Uya miharep  samulangna  tina silaturahmi para relawan Forum Bela DS nu boga  majelis sangkan umajak  ka anggota majelis sèwang-sèwang. Nu boga  siswa umajak ka kolot  siswa atawa  kuluarga jeung tetangga pangdeukeutna. 

Nurutkeun  H. Uya, dukungan Forum Bela DS atawa nggota para guru ngaji ka  paslon Bupati -Wakil Bupati Bandung Dadang Supriatna -Ali Syakieb  minangka  wujud rasa sukur. 

"Rasa syukur urang  Allah ku Allah masihan   nikmat. Nikmat soca, nikmat sehat, sareng nu sanésna. Allah teu peryogieun  ibadah urang,  tapi rasa sukur nikmat urang ibadah ka Allah. Hablum minannasna urang  syukur ka jalmi nu masihan. Hartosna rasa syukurna téh ngabantos naon nu dipikahoyongna.  Tah, Kang DS palayeun ngajalankeun deui program insentif guru ngaji diperiode keduana nya urang  dukung. Saur  sepuh  mah lamun geus karasa kudu rumasa," ceuk H. Uya.***

Sumber: Sopandi

Editors Team
Daisy Floren
Daisy Floren
Jaelani Author

What's Your Reaction?

  • Like
    0
    Like
  • Dislike
    0
    Dislike
  • Funny
    0
    Funny
  • Angry
    0
    Angry
  • Sad
    0
    Sad
  • Wow
    0
    Wow